Senin, 10 Februari 2014

PIDATO PEMBAWA ACARA BASA SUNDA



Assalamualaikum wr wb
Innalhamdalillahi nahmaduhu wa nasta’inuhu wanastagfiruhu, wa na’uudzubillaahi min syuruuri an fusina, wa win sayyiaati a’ maalina,  may yahdillaahu falaa mudhillalah, wamay yudlillhu falaa hadiyalah. Ash  hadu alla ilaaha illallohu wa ashadu anna muhammadan ‘abduhuu  warosuuluhul ladzii laa nabiyya ba’dahu. Allohumma sholli ‘alaa muhammadin wa ‘ala alihi wa sohbihii ajmaiin’
Amma ba’du
Sabadana ngajengkeun puji kalih syukur ka Alloh azza wajalla, zat nu maha kawasa dina sagala perkara, kalayan qudroh irodah mantena urang sadaya tiasa patepung lawung patepang wajah dina raraga perpisahan kelas 6 sareng kenaikan kelas, kelas 1 dugi ka kelas 5. Sholawat miwah salam urang sami sami ajengkeun ka insan pinilih nu mibanda ahlkul karim Nabiulloh Muhammad SAW, ka sadaya kulawargina para sohabat kalayan mudah mudahan urang sadaya tetep tumut tuhu kana sadaya sunah sunah mentena, amin.
Ibu kepala sakola SDN Kawungluwuk 2 nu dipihormat
, bapak ketua komite sareng rengrenganana sami nu dipihormat, hormateun sim kuring, para tatamu sareng para sepuhna murang kalih siswa, teu hilap  bapa sareng ibu guru  SDN Kawungluwuk 2, sadaya siswa SDN KW 2.nu dipikareueus 
Hiji nugraha nu kawilang ageungna, urang sadaya tiasa patepang wajah patarema panangan, meungkeut tatali silaturahim, bari diwuwuh ku rasa reueus ka para putra urang rehna dina ieu waktos  urang baris nyaksian kedal lisan pangjajap ti pihak sakola SDN Kawungluwuk2 ka murangkalih kelas 6 anu parantos rengse nampi piwulang nungtut elmu bari disarengan ku hasil anu kalintang nyugemakeunana. Lian ti eta murangkalih kelas 1 dugi ka kelas 5 baris naek tingkat ka kelas saluhureunana, tawis rengsena atikan sataun landung nincak hambalan salajengna. Bari teu petot petot urang muntang ka Alloh SWT mudah mudahan ladang didikan sareng atikan salami sakola ageung mangfaatna, seueur gunana janten elmu nu disebat ilman nafian.
Bapa ibu hadirin hormateun sim kuring. Sim kuring atas nami pihak sakola ngahaturkeun wilujeng sumping, hapunten bilih dina panampian sareng patempatanana kirang nyugemakeun para wargi sadayana.
Hadirin hormateun sim kuring, salaku panata acara sim kuring seja nguningakeun runtuyan acara anu baris dipedar dina ieu kasempetan,
  1. Bubuka
  2. Uraian ti ibu kepala sekolah SDN KW 2
  3. Sambutan – sambutan, 1. Sambutan ti Ketua Komite sekolah SDN KW 2,  2. Sambutan ti ketua UPTD Kec. Cisitu atanapi anu ngawakilanana,  3. Sambutan ti bapa Kepala desa Kawung luwuk
  4. Pembagian hadiah prestasi
  5. Upacara pelepasan siswa kelas 6
  6. Do’a
  7. Tutup
Sim kuring umajak kasadayana, sumangga urang sami sami buka ieu acara ku ngalisankeun lafad basmalah, “Bismillaahirrohmaanirrohiim”, mugia Alloh ta’ala maparin panangtayungan ka urang sadayana, amin.
Mangrupi acara salajengnya nyaeta, Uraian ti Ibu Kepala sekolah SDN Kawungluwuk 2, ka mantena disumanggakeun.
Ngahaturkeun nuhun ka Ibu kepala sekolah anu parantos maparin sambutan, salajengna sambutan anu kahiji bade disanggakeun ka kersana bapak ketua komite sekolah SDN KW 2. Ka bapa ketua komite waktos sareng tempatna nyanggakeun
Hatur nuhun ka kersana bapa ketua komite anu parantos maparin sambutan anu sakitu jentrena, salajengna sambutan anu kadua, disuhunkeun rido galihna ka kersana bapa kepala UPTD dinas pendidikan kec. Cisitu atanapi anu ngawakilanana  kanggo maparin sambutan, kamantena disumanggakeun.
Ngahaturkeun nuhun ka kersana bapa kepala UPTD Dinas pendidikan kec. Cisitu, anu parantos maparin sambutanana. Salajengna mangrupi sambutan anu pamungkas bade disanggakeun ka bapa Kepala Desa Kawungluwuk, Ka bapa kuwu nyanggakeun waktos sareng tempatna.
Hatur nuhun ka bapa kepala desa kawungluwuk anu parantos ngadugikeun sambutanana.
Hadirin bapak ibu hormateun sim kuring, urang ngadampal kana hambalan acara anu ka opat nyaeta pembagian hadiah prestasi , ka rengrengan panitia, bapa ibu guru mugia nyiapkeun sagala rupina
Hadirin. Nincak mangsa nu utama, nete kana acara anu poko nyaeta “UPACARA PELEPASAN SISWA KELAS 6 SD NEGERI KAWUNGLUWUK 2” dikawitan .............................
Hadirin, sangkan ieu acara langkung hidmat, sarta barokah, sumangga urang sami muntang ka zat nu Maha Wenang Alloh Azza wajala, ngajengkeun rupaning do’a sareng harepan, ka bapa ....... dihaturanan kanggo mingpin do’a.
Alhamdulillah kersana Alloh SWT, acara pelepasan siswa kelas 6 parantos kelar kalayan aya dina kalancaran. Salajengna acara urang lajengkeun kana acara karesmenan seni murangkalih. Sim kuring neda hapunten kana sagala kalepatan sareng kakirangan, SUBHANAKALLOOHUMMA WABIHAMDIKA ASHADU ALLA ILAAHA ILLA ANTA ASTAGFIRUKA WA ATUUBU ILAIKA, Wassalamualaikum wr wb.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar