Senin, 10 Februari 2014

PIDATO BASA SUNDA



PIDATO PATURAY TINEUNG
TI MURID KA GURUNA

                Assalamu’alaikum wr. Wb.
            Bapa – bapa miwah ibu – ibu anu ku simkuring dimulyakeun. Sim kuring atas nami rerencangan ngucapkeun syukur Alhamdulillah ka Allah nu Maha Heman nu masihan kasempetan ka urang sadayana tiasa riung mumpulung dina ieu tempat nu kacida sederhanana kalayan teu aya gangguan naon – naon.
            Dina kasempetan ieu sim kuring atas nami rerencangan sakelas ngahaturkeun nuhun anu teu aya hinggana ka para ibu miwah para bapa anu parantos ngaping ngajaring ngaraksa – ngariksa sim kuring sarerea boh dina ahlakna boh dina pendidikanna, dugikeun ka sim kuring sadaya tiasa ngarengsekeun palajaran dugi ka kenging ijazahna, salami.......taun abdi sadaya sasarengan sareng ibu miwah bapa guru salami eta aya jalinan hubungan batin  nu nganteng antawis ibu bapa guru sareng abdi   sadaya teu aya bentenna anggapan abdi sadaya lir ka ibu – bapa pituin.
            Sakedap deui abdi sadaya bakal nagntunkeun ibu miwah bapa guru
kanggo milari elmu sareng pangalamun anu langkung jembar, margi teu aya hiji kagumbiraan nu langkung ti naon bae oge salian ti abdi sadaya tiasa ngalaksanakeun naon – naon nu di wejangkeun ku ibu miwah bapa guru nalika abdi sadaya sasarengan di dieu, namung sanaos paanggang hate mah angger sumoreang, mugi – mugi wae urang sadaya aya dina Rahmat Allah.
            Teu aya deui nu tiasa dikedalkeun mug abdi sadaya ngadoa ka Allah s.w.t, supados bapa miwah ibu guru dipasihan berkah kasalemetan , kasehatan, kasejahtreraan taufik sareng hidayah ti Allah.
            Atuh samulihna abdi sadaya nyuhunkeun doa restu ti ibu miwah bapa guru supados abdi sadaya tiasa neraskeun sakola kanu langkung luhur oge tiasa ngahontal sagala cita – cita.
            Atuh salajengna bilih bae aya cariosan anu ngagenduk kana kalbu nu teu genah kana manah, mugi agung cukup lumur mugi jembar pangampura ti ibu ti bapa nu saageung – ageungna.
            Akhirulkalam wassalamu’alaikum wr. Wb.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar